WAWACAN RASIAH PRIANGAN – MAS KARTADINATA


ASMARANDANA :
Kawitan anu digurit, didangding dikarang tembang, manawi jadi katémbong, ari nganggo ginding tembang, kaanggo landong bingbang, manawi jadi panyambung, dongéng baheula dikarang.

Malah mandar jadi resmi, ieu carita utama, lalakonna langkung ramé, anu disarebut ama, ku sadaya jelema, urang Bandung prantos baku, nyebut ama Raksapraja.

Hanjakal mun teu didangding, nu éndah matak ngahudang, sakitu saéna dongéng, carios jalma garandang, nu seja ngabar pedang, nu rék ngandih ménak Bandung, tungtungna jadi babandang.

Anu kacatur mimiti, bubuka ieu carita, di Bandung Kangjeng Bupatos, dina nalika harita, nu ngaheuyeuk nagara, Dipati Agung di Bandung, geus mashur pisan asmana.

Nya éta Kangjeng Dipati, Jeng Wiranata Kusumah, Dalem bijaksana ahéng, kangjeng Dalem Bintang, tah éta anu dicatur, anu didadar dikarang.

Nya jadi Bopati adil, sabar saléh palamarta, ibadahna langkung getol, muji Gusti ku pamuja, nyembah ka Maha Mulya, ka Gusti allah Nu Agung, sinareng ka Rasululloh.

Kangjeng Dalem kongas sugih, beunghar banda réa uang, réa ketan réa keton, sugih dunya emas pérak, sumawon héwan-héwan, sapi-munding-kuda-wedus, hayam-éntog-meri-soang.

Bopati sugih ku istri, Dalem beunghar ku parekan, diobéng ku para endén, diaping ku para nyimas, diayap ku juwita, ratu diriung ku gelung, diriung ku gelung-malang.

Matak uruy nu ningali, matak hayang anu ningal, kabita héroy nu nénjo, kanu kamulyaanana, dalem jaman baheula, matak ngabijilkeun napsu, ka anu sok kabitaan.

Dupi anu jadi patih, Rahadén Aria Angga, Adikusumah perlénté, bijaksana tur budiman, dahuan Dalem pisan, Endén Simbar raka sepuh, patih trunan Dalem Gajah.

Salamina jeneng patih, satia kumawulana, ka dalem éstuning ngésto, tumut kumaha dawuhan, taya pisan mungpangna, suhud gumusti satuhu, duka di jero manahna.

Dupi jurutulis patih, Rahadén Jayakusumah, jurutulis nu perlénté, dina waktu jaman kuna, kaétang pangpinterna, capétang ku alus saur, ucapna matak kabita.

Nu bisa ngabujuk manis, pelem raos pangucapna, lantip budi sarta lentong, smeu nu matak kabita, mun jurutulis meta, Jayakusumah saéstu, kitu peta kagurnita.

Nu jeneng Asistén nagri, tuan Nagel anyar pisan, Asistén-Risdén bandung téh, harita anu maréntah, anu ngertakeun jaman, majuna nagara Bandung, nya ka tuan Nagal téa.

Asistén calikna lami, lenggah di Bandung jenengna, dumugina kana maot, ditanasa ku Munada, lami ngatur nagara, nagri Bandung jadi maju, gemar ripah tur raharja.

Jalanna diatur rapih, jalan-jalan butbat, paréntah tuan Asistén, ngadamel solokan anyar, tegalan dibaredah, anu ngagemahkeun Bandung, nya tuan Nagel harita.

Ari kumendang perjurit, Rahadén Mertadiraja, sénapati di Bandung téh, sénapati ing ngalaga, anu nyekelan balad, nyangking perjurit saratus, panganggona létnan perang.

Kumendang kalangkung ginding, dedeg jangkung kumis bapang, godég janggotna beréwok, parangi taya kagila, ‘mo mundur ku musuhna, wani ijén reujeung musuh, kumendang Mertadiraja.

Perejurit sami giris, sieun ku Radén Kumendang, sami pada atos-atos ari nu jadi sersanna, nyéta hiji Walanda, jenengan tuan Réiys segut, dibawah Radén Kumendang.

Saréan Sunda perjurit, ngaranna Ki Martaguna, kopralna nu kacarios, pun Bapa Unit ngaranna, anu teu wudu gagah, béjana kasebut weduk, henteu teurak ku pakarang.

Demi kopral perejurit, ngaranna téh mastareja, sakitu ponggawa prang téh, anu ngajaga nagara, di Bandung sanés dicatur, nu anom sumangga kocap.

SINOM :
Nu jadi ngabéhi Jawa, kapala Jawa nagri, Rahadén Jayapuspita, asal ménak wétan nagri, maréntah abdi-abdi, Jawa di jro dayeuh Bandung, diurusna ku éta, teu pacorok teu pahili, lulus-runtut Jawa ngawula ka dinya.

Jaksa ageng di nagara, kawasa nyangking pulisi, Dén Demang Mangunnagara, nu nyandak perkawis adil, pangkat agama nyangking, panghulu agung di Bandung, Radén Ardi jenengan, demi kalipah di nagri, nu jenengan Radén Haji Abdurahman.

Jrutulis kantor nagara, di kantor Kangjeng Bopati, disebutna waktu éta, Ki Tumenggung jurutulis, Rahadén nu binangkit, anu ku dangding disebut, Radén Adinagara, éta nu tuhu berbudi, salamina kumawula teu kuciwa.

Kaliwonna di nagara, nu nyangking umbul peryayi, Rahadén Kertakusumah, Umbul-janggol jaga kuli, wastana téh kawarti, Radén Natasura jangkung, gagah semu amprotan, parangi segut barani, pantes pisan jadi kapala gotongan.

Ngabéhi bendé paséban, nya Ki Léngsér pangkat leutik, Bapa Suwali ngaranna, éstu tukang bendé nitir, sagala dawuh Gusti, diémbarkeunana nyengkung, ditakol di paséban, ku Léngsér Bapa Suwali, kadang-kadang nakol bendé mapay jalan.

Dupi kumetir kopina, harita téh mung sahiji, jenenganana disebat, Dén Mangkudireja ginding, sareng mantri jro nagri, Dén Sastranegara segut, kumis baplang godégan, bodas sarta teuas kulit, enya éta putra Kangjeng Adipatya.

Dupi wadana di Rongga, Mas Kertapraja wawangi, ari wadana Cihéa, Mas Nayajibja kakasih, wadana Cisondari, Dén Wangsakusumah mashur, Demang Rajamandala, Mas Wangsapraja geus lami, nyangking distrik nyaéta Rajamandala.

Ari wadana Ciparay, Radén Rangga Abukari, wadana di Majalaya, Dén Rangga anu kakasih, Anggawireja nami, asal Parakanmuncang éstu, jaksa Majalaya, Mas Jayadipa binangkit, anu cakep ngurus kana pulisian.

Wadana Ujungberung-Wétan, harita anu kawarti, Rahadén Raksamanggala, Wadana Banjaran distrik, nu kasebut wawangi, Dén Satyanagara segut, gelaranana Aria, tawis wadana binangkit, nganggo titél Aria Satyanagara.

Wadana Cicaléngka, nu kawasa nyangking distrik, Rahadén Anggadireja, putrana Kangjeng Bopati, wadana di Cimahi, Dén Wiranagara jangkung, putra Anggadinata, érpol jaksa Bandung nagri, nu digentos ku biskal Mangunnagara.

Wadana Blubur Limbangan, harita anu kawincik, Mas Arsaén téh wastana, wadana Tarogong distrik, harita anu jadi, Dén Rastadiraja jangkung, wadana Cikembulan, Rangga Jayareja pasti, nu kakasih asistén-résidén téa.

Demi wadana di Lémbang, harita téh anu jadi, Rahadén Ardikusumah, éta gé ménak berbudi, putra tumenggung pasti, Tumenggung kantor di Bandung, Radén Adinagara, putrana cikal kakasih, dasar pinter turunan ti ingkang rama.

Ari Kangjeng Residénna, di nagri Cianjur linggih, harita ujaring béja, van der Kapellen wawangi, tatapi duka teuing, leres atanapi luput, wantu abdi nu ngarang, béja ti sepuh digending, anu lepat neda dilereskeunana.

Dalem Cianjur harita, nyaéta Kangjeng Dipati, Radén Prawiradireja, nya Dalem kaum Sawargi, ari nu jeneng patih, Dén Natanagara segut, Muhamad Jén panghuluna, demi jaksana nagari, nyaéta Rahadén Tisnadilaga.

Di Cianjur langkung kerta, suka sugih abdi-abdi, beurat beunghar para ménak, tiis tali purna nagri, watek nu jadi gusti, hibar bopati linuhung, mulia tur pinandita, nu mantep ka Maha Suci, urang kantun kanti heula para ménak.

6 Responses to "WAWACAN RASIAH PRIANGAN – MAS KARTADINATA"

  1. Selamat malam bos... Maaf saya membawa pekerjaan, dimohon untuk berkenan mengeceknya...
    http://kangjava.wordpress.com/2011/12/05/peer/

    Sukses Selalu ya.... :D

    BalasHapus
  2. Langsung di cek kang..
    tpi saya dh lama ga OL pke PC kang.

    BalasHapus
  3. anto : muhun kang,,hatur nuhun ah tos linggih didieu

    BalasHapus
  4. Wah bahasa sunda jaman dulu ya ?? Teu ngartos. Artikel nu sae. eta bahasa sundana halus pisan nya dugika aya sapertos bahas jawana.

    BalasHapus
  5. @Obat herbal alami stroke: enya muhun.. nuhun nya tos dataang ka blog daniel

    BalasHapus